Wednesday, December 24, 2008

Babarna Nabi Isa al-Masih a.s.

NYUKCRUK BABARNA NABI ISA AL-MASIH A.S.

k u
IRFAN ANSHORY




SIHORÉNG dugi ka abad kaopat Maséhi mah teu aya hiji-hiji acan catetan ngeunaan perayaan Natal atawa pangéling-ngéling babarna Nabi Isa Al-Masih a.s. (nu dilaténkeun: Jésus = Isa; Kristus = Al-Masih). Boa-boa taya nu nyahoeun iraha babarna éta utusan Allah nu mulya téh. Kitab-kitab Injil nu opat rupa ogé teu nyebutkeun taun anjeunna dibabarkeun, komo tanggal jeung bulanna mah. Clément, uskup di Iskandariah abad kadua, netepkeun ping 18 Novémber. Dokumén ti Afrika Kalér taun 243, nu judulna De Pascha Computus, nempatkeun gumelarna Jésus Kristus téh ping 28 Maret dina usum semi.

Umat Nasrani dina mangsa-mangsa munggaran teu kungsi kajurung pikeun ngarayakeun Natal, sabab maranéhna nganggap yén ngareuah-reuah milangkala téh tradisina jalma kapir. Injil nu pangkolotna, nyaéta Injil Markus, nu ditulis kira-kira taun 50, ngamimitian carita tina dimandikeunana Jésus Kristus nu parantos sawawa ku Nabi Johannes (Nabi Yahya bin Zakaria a.s., ceuk urang mah). Ieu fakta nuduhkeun yén umat Nasrani dina mangsa-mangsa munggaran mémang teu neundeun perhatian kana masalah gumelarna Jésus. Kakara dina Injil Matius jeung Injil Lukas, nu ditulis tina dua dugi ka opat dasawarsa sabadana, urang manggihan carita gumelarna Nabi agung putra suci Siti Maryam r.a. téa.

Informasi pangmimitina ngeunaan perayaan Natal kaunggel dina Philocalian caléndar, dokumén Romawi taun 354, nu nétélakeun 25 Désémber tanggal babarna Jésus Kristus. Disebutkeun dina éta dokumén yén tanggal 25 Désémber téh ditetepkeun ku Uskup Libérius ti Roma, tuluy diresmikeun ku Garéja. Mimitina mah loba inohong Nasrani nu teu akur kana éta titimangsa, sabab 25 Désémber aya dina usum tiis (winter). Jigana mah pamohalan Jésus babar dina usum tiis, da piraku aya tukang ngangon jeung ingon-ingonna di tegal jukut peuting-peuting sakumaha nu dicaritakeun dina Injil!

Tapi Garéja merlukeun pisan kana titimangsa 25 Désémber téh, sugan jeung sugan éféktif pikeun ngolo urang-urang Romawi sangkan arasup agama Nasrani. Tanggal 25 Désémber téh mangsa Natalis Solis Invicti (“Gumelarna Déwa Panonpoé Nu Digjaya”), nu direuah-reuah ku urang Romawi dina wangun Féstival Saturnalia, pikeun miéling gumelarna Mithra, déwa panonpoé maranéhna. Urang-urang Romawi mémang abring-abringan arasup Nasrani, tapi Féstival Saturnalia mah tetep dimumulékeun dina wangun perayaan Natal. Miéling babarna Déwa Mithra tanggal 25 Désémber diganti ku miéling babarna Jésus Kristus.

Sabada agama Nasrani nyebar di wewengkon Éropah Kulon, perayaan Natal téh dilengkepan ku “tangkal Natal” (Christmas tree) nu dipuja ku bangsa-bangsa kapir Jérman tur Skandinavia. Bangsa Inggris kakara taun 1840 nyaho kana tangkal Natal téh, basa Ratu Victoria nikah ka Pangéran Albert, nu mawa éta tradisi ka Inggris ti lemburna di Jérman.
Kumaha ari Santa Claus téa? Manéhna téh Saint Nicholas, uskup abad kaopat di Nikéa (ayeuna Iznik, kaasup wewengkon Turki) nu resep masihan hadiah ka barudak. Ieu tradisi populér di Walanda nu dingaranan San Nicolaas. Basa urang-urang Walanda parindah ka Amérika (kota New York ayeuna téh dijieunna ku Walanda, baheula ngaranna New Amsterdam), maranéhna mopulérkeun éta tradisi babagi hadiah ti San Nicolaas, tuluy ku létah barudak Amérika dilapalkeunana jadi Santa Claus. Dina taun 1863, kartunis Thomas Nast nyieun lukisan Santa Claus nu maké baju beureum tur janggot bodas, lengkep jeung seuri ‘ho-ho-ho’na, nu populér dugi ka ayeuna.


Iraha Nabi Isa Al-Masih a.s. babar?

Dina jaman Nabi Isa Al-Masih a.s. masarakat harita téh maké kalénder Julian nu ngamimitian ngitung taun tina 708 AUC (ab urbi condita), nyaéta 708 taun sabada diwangunna dayeuh Roma, nu ditetepkeun ku Julius Caésar jadi taun 1 Julian (taun 46 Saméméh Maséhi atawa 46 SM, numutkeun itungan ayeuna). Injil Lukas 3:1 nyebutkeun yén Jésus mimiti prak ngalaksanakeun tugas karasulan dina taun ka-15 Kaisar Tibérius, basa Pontius Pilatus jeneng gupernur Judéa (Paléstina). Tibérius maréntah ti taun 60 Julian dugi ka 83 Julian (14-37 Maséhi), nu matak kajadian nu dicaritakeun ku Lukas téh lumangsung taun 75 Julian (29 Maséhi).

Dumasar kana informasi ti Lukas, salah sahiji inohong garéja abad kagenep nu ngaranna Dionisius Exiguus nyieun itungan taun Anno Domini (AD). Ku sabab numutkeun Lukas 3:23 yuswana Jésus harita téh “kira-kira 30 taun” (quasi annorum triginta, kalimah Laténna), Dionisius ngira-ngira yén Jésus babar taun 47 Julian, nu ujug-ujug ditetepkeun ku manéhna jadi Taun Hiji Anno Domini. Taun basa netepkeun éta, 572 Julian, tuluy diganti angkana jadi 526 AD. Tah, ti mimiti taun 526, kalénder Julian—nu dina taun 1582 dikoréksi ngajleng sapuluh poé jadi kalénder Grégorian—maké itungan taun Anno Domini nu lumangsung dugi ka ayeuna. Anno Domini téh hartina “Taun Gusti”, ku urang mah disebutna “Maséhi”.

Tapi naha enya Nabi Isa Al-Masih a.s. téh dibabarkeunana taun 1 Maséhi (47 Julian)? Éta mah ngan perkiraan Dionisius wungkul. Nu sidik, boh Injil Lukas (1:5) boh Injil Matius (2:1) nétélakeun babarna Jésus téh dina mangsa Raja Hérodés di Judéa, hartina antara taun 37 SM jeung 4 SM (ti taun 10 dugi ka 43 Julian). Lukas 2:1-2 ogé nyebutkeun yén Jésus dibabarkeun basa gupernur Suriah Quirinius, dumasar kana titah Kaisar Augustus (ngajeneng ti 27 SM dugi ka 14 Maséhi), ngayakeun cacah jiwa di Paléstina. Éta sénsus tangtu lumangsung sabada Quirinius jeneng gupernur taun 6 SM (41 Julian). Tah, panginten Nabi Isa Al-Masih a.s. téh dibabarkeunana kira-kira taun 5 SM (42 Julian). Ieu gé kira-kira, tapi leuwih talungtik batan taun 1 Maséhi nu dikira-kira ku Dionisius Exiguus.

Tanggal katut bulan dibabarkeunana Nabi Isa Al-Masih a.s. teu bisa dipastikeun, sabab taya informasi saeutik-saeutik acan. Tapi urang bisa nangtukeun usumna! Injil Lukas 2:8 nétélakeun suasana wengi nalika Isa Al-Masih dibabarkeun: Et pastores erant in regione eadem vigilantes et custodientes vigilias noctis super gregem suum (“Jeung tukang-tukang ngangon di padang jukut éta wewengkon nuju ngajaga tur nalingakeun dina wanci wengi kana ingon-ingon maranéhna”).

Basa nganjang ka Jérusalém, simkuring kungsi nanya ka pribumi di ditu: kira-kira dina sasih naon sok aya tukang ngangon matuh di tegal jukut dugi ka peuting? Manéhna ngawaler sasih April atawa Méi dina usum semi (spring season). Pamohalan ari dina sasih Désémber mah, nu tiisna kabina-bina!

Kitab Suci Al-Qur’an ogé nétélakeun dibabarkeunana Nabi Isa Al-Masih a.s. dina Surat Maryam, tapi henteu ngécéskeun iraha-irahana. Nanging aya ayat nu nuduhkeun yén éta Nabi Allah nu mulya téh dibabarkeunana dina usum semi. Nalika Siti Maryam r.a. ngababarkeun putrana, malaikat Jibril nyarios ka anjeunna, sakumaha nu kaunggel dina Surat Maryam ayat 25: Wa huzzi ilaiki bi jidz`i n-nakhlah, tusaqith `alaiki ruthaban janiyya (“Pék geura oyagkeun ka lebah hidep éta tangkal korma téh, tangtu maruragan ka hidep buahna nu arasak tur saleger”). Jadi, gumelarna Nabi Isa Al-Masih a.s. téh tétéla lumangsung dina usum semi, basa buah korma geus arasak tur babari maruragan mun tangkalna dioyagkeun. Dugi ka ayeuna di wewengkon Timur Tengah panén korma téh lumangsung dina usum semi.


Silsilah Nabi Isa Al-Masih a.s.

Injil Matius 1:1-17 nétélakeun silsilah ti Nabi Ibrahim a.s. lungsur dugi ka Nabi Isa a.s., sedengkeun Injil Lukas 3:23-38 nétélakeun silsilah ti Nabi Isa a.s. naék dugi ka Nabi Adam a.s. Boh Matius boh Lukas satékah polah hayang negeskeun yén Nabi Isa Al-Masih a.s. téh katurunan Nabi Daud a.s.

Matius nerangkeun silsilah Nabi Daud ka handap ngalangkungan jalur Solomon bin Daud (Nabi Sulaiman a.s.). Silsilah nu dimimitian ti Nabi Ibrahim ku Matius dibagi tilu bagian, masing-masing ngawengku 14 génerasi. Éta angka 14 sigana mah beunang nurun tina kecap “Daud” (dina aksara Ibrani maké tilu konsonan D-W-D atawa daléth-waw-daléth) nu boga ajén: daléth(4) + waw(6) + daléth(4) = 14. Balukarna, loba nami turunan Nabi Sulaiman dina kitab umat Yahudi (Perjanjian Lama, ceuk umat Nasrani), nyaéta Dibré Hayyamim (Chronicles; Tawarikh) 3:10-20, nu ngahaja dipiceun ku Matius ngarah teu ngaleuwihan angka 14.

Ari Lukas sihoréng béda deui nyieun silsilah téh. Numutkeun Lukas, Isa Al-Masih téh sanés turunan Solomon bin Daud, tapi turunan Nathan bin Daud! Teuing mana nu bener. Ngan pamohalan duanana bener mah, lantaran Nathan téh rakana(!) Nabi Sulaiman sakumaha nu kaunggel dina Dibré Hayyamim 3:5. Atuh nami-nami ti Daud ka handap nu disusun ku Lukas ampir kabéh béda ti nu disusun ku Matius. Jumlah génerasina gé teu sarua deuih. Ti Daud dugi ka Jésus, Lukas nyebutkeun 42 génerasi, sedengkeun Matius ngan ukur nyebutkeun 27 génerasi. Matak lieur para inohong garéja nétélakeun ieu silsilah téh. Tapi dalah dikumaha, ti dituna gé ayat-ayat Injil téh geus silih patojaiah!

Sihoréng silsilah nu disusun ku Matius jeung Lukas téh teu nyambung ka Nabi Isa Al-Masih a.s.! Duanana nerangkeun silsilah nu nurunkeun Yusuf carogéna Maryam, sanés silsilahna Maryam. Padahal apan Nabi Isa Al-Masih a.s. téh putra sucina Siti Maryam r.a. nu parawan, teu aya patali getih saeutik-saeutik acan jeung Yusuf. Sanajan Yusuf carogéna Maryam, Yusuf téh nikah ka Maryam sabada Maryam ngandeg tuluy henteu ngayakeun hubungan badaniah sareng Maryam dugi ka Isa Al-Masih a.s. babar! Matius sorangan nyebutkeun (1:25): Et non cognoscebat eam donec peperit filium suum primogenitum (“Jeung manéhna tara ‘ngahiji’ sareng anjeunna dugi ka ngababarkeun putra pamegetna”).

Tétéla yén Nabi Isa Al-Masih téh geuning sanés turunan Nabi Daud, sanajan Matius jeung Lukas tisusut tidungdung nyieun silsilah nu amburadul jeung papalingpang, bari teu nyarambung deuih. Tegesna, Nabi Isa Al-Masih sanés Bani Israil sélér Yéhuda (Judah). Anjeunna téh Bani Israil sélér Léwi, sélérna Siti Maryam r.a. nu sarumpun sareng Nabi Musa tur Nabi Harun. Imam-imam Bani Israil umumna mémang tina sélér Léwi. Numutkeun Al-Qur’an Surat Ali Imran ayat 33-35, Nabi Isa Al-Masih tur Siti Maryam téh turunan Imran, ramana Nabi Musa sareng Nabi Harun, nyaéta kulawargi Léwi, sanés kulawargi Yéhuda, sakumaha kaunggel dina Wé’élléh Shémoth (Éxodus) 2:1. Tétéla pisan, nu leres mah Al-Qur’an Surat Maryam ayat 28, nu nyebatkeun Siti Maryam “wanoja kulawargi Harun” (ukhta Harun).

Saenyana mah Lukas gé rerencepan ngaku yén Siti Maryam sareng putrana Isa Al-Masih téh sélér Léwi. Dina Lukas 1:5 kaunggel yén Élisabéth garwana Nabi Zakaria (ibuna Nabi Yahya) turunan Nabi Harun (filiabus Aaron), tuluy dina Lukas 1:36 ditétélakeun yén Élisabéth sareng Maryam téh hiji kulawargi (cognatus). Kitu deui, éstimasi Lukas (3:23) yén yuswana Jésus “kira-kira 30 taun” nalika ngamimitian tugas karasulan nuduhkeun yén Nabi Isa Al-Masih téh leres sélér Léwi, sabab numutkeun Bemidbar (Numbers; Bilangan) 4:47 para imam ti sélér Lewi téh nembé wajib ngalarapkeun tugas kaimaman sabada yuswana 30 taun.

Kasimpulanana
(1) Nabi Isa Al-Masih a.s. pamohalan babar kaping 25 Désémber dina usum tiis;
(2) Nabi Isa Al-Masih sanés katurunan Nabi Daud a.s. (sélér Yéhuda), tapi sélér Léwi, sélérna Nabi Musa a.s.

Quod erat demonstrandum, Q.E.D. (“Tah, tos buktos”).***

0 Comments:

Post a Comment

Subscribe to Post Comments [Atom]

<< Home